20 May 2012

Nganjang Sanaos Anggang

Abdi rumaos danget ayeuna pisan gerentes hate teh asa sono pisan hoyong pendak sareng salira, estu henteu di dingding kelir sindang siloka sadaya nu kapiraos pageuh mapaes hate nu kosong ku kadeudeuh sareng kanyaah salira. Kumelendang abdi bet taya sampurna saupami anjeun teu acan keneh ngeusian batin abdi. Ngancik raos kasono nu teu kaetang ku seueurna bentang poe ayeuna, iraha abdi tiasa patepang sareng salira..? Kahoyong hate mah ayeuna pisan paneuteup abdi neuteup pageuh ka panon anjeun sinareng ngedalkeun kadeudeuh, kanyaah, kameumeut nu pinuh ku katulusan ukur pikeun anjeun nyalira. Tapi saupami nu maha kawasa teu acan ngidinan urang tepang tineung ayeuna, insya Allah abdi baris ngartos ka diri mugi abdi tiasa istiqomah nampi ieu katugenahan hate nu ka eusi ku raos nu maha sono sareng pirencangeun hirup. Saupami ieu sanes waktosna, abdi hoyong tetep manteng ka diri anjeun, abdi hoyong tiasa mimiti nganyaahan diri anjeun ku nganjangan anjeun lewat du'a, teu naon-naon abdi kasebat micangcang wanoja nu teu sakali ge terang duduk padumukanana, bebet bobotna malah nami na ge teuing saha. Abdi rumaos ieu lepat, rumaos mayunan katangtosan gusti, tapi ieu pangedal manah hiji pameget dewasa nu estu pisan hoyong kahirupanna lengkap sareng iringan kulawargi nyaeta bojo sareng putra putri. Saupami atos ku gusti disayogikeun kanggo pijodoeun abdi, panginten moal lepat saupami ayeuna abdi tiasa nganjang ka anjeuna sanaos ukur lewat doa kanggo kabagjaan hirup nu ayeuna dilakonan anjeuna sareng doa pamugi tiasa enggal pendak nu nyata sareng anjeunna.

Abdi hoyong pendak sareng anjeun panutan... Abdi hoyong runtut raut sasarengan megarkeun asih nu tos dibeungkeut ku hate nu ikhlas pinuh rasa cinta ka anjeun.

Antos akang nyai..

No comments:

Post a Comment

Gunakan bahasa yang sopan