09 March 2013

Pinangtos Nu Kagungan

Kapiraos asa lewang danget ayeuna teh. Duh gusti nu kagungan abdi.. Tos karaos pisan asa ditelasan rasa ku kaayaan dinten dinten ayeuna. Sadayana karaos asa tugenah.. Damel henteu tenang.. Sare henteu tibra.. Dahar ge sami henteu ponyo.
Kamana atuh waktos-waktos abdi nu endah.. geuning abdi tos ngaliwatan.. padahal teu kungsi ngaraos kaendahannana. Sampe anjog kana waktos nu seueur ku tanggel waler sementawis hate mah hoyong ngaraos tenang..
Abdi hoyong waktos ieu tiasa kapapay ku merenahna hate sinareng kabagjaannana. Tipayun tos jentre ka tulis.. Ayeuna nuju ngantos waleran ti nu maha asih sugan enjing pageto nu aya dina cita-cita enggal kacipta ku kabingah sasarengan.
Amiin..

No comments:

Post a Comment

Gunakan bahasa yang sopan