22 February 2013

Reumbay Cimata Hate

Dinten ieu, aya rerendengan deui.. Sanes rerencangan oge sanes tatanggi atanapi kulawargi. Teu aya hubungan naon-naon iwal ti terang sakedik dedeg rupi sareng nami.
Kalangkung emutan enjing nu kungsi janten lamunan, bet asa ku bingah kacida na dua hate nu bade ditepungkeun ku jodo dina wanci nu di pika ridho ku sepuh sinareng ku nu kawasa.
Ras rada lami emut ka diri nyalira.. Iraha atuh giliran abdi ? Iraha abdi tiasa rerendengan ? Jeung sareng saha ? Mangkara abdi kedah bubujangan wae sementawis hate patulayah ku kedal sono tepung sareng pijodoeun.
Asa balueng pipikiran mun di emutan mah.. Mun di teuteup tina kaayaan banda sareng pakasaban asa karaos tebih keneh.. saupamina dipaksa-paksakeun atuh sigana moal mernah na hate, saupami abdi nampi duka teuing nu di fihak sanes na mah.. Nikah keur abdi mah hoyong tong sederhana-sederhana teuing.. Sabab eta bakal ka emut sapanjang hirup sok komo deui nu munggaran. Asa ku kacida nalangsa aya kenangan nu hiji-hijina tapi kurang merenah kana hate sareng mantun hate nu laen deui. Tapi. . . . . . . Mung Allah nu tiasa nangtoskeun kapayunna ti kahirupan abdi, upami cimata ieu masih kedah nyurucud panginten abdi masih kedah tawakal, pasrah ku nu naon nu ditangtoskeun.. Duka teuing awon duka teuing hade.
Salami ieu seueur rereged nu karaos nyocog na hate.. sampe balilihan teu puguh raraosan. Nanging raray mah di tiasa tiasakeun bengras lir budak nu teu aya katugenahan.. emut.. seuri.. cacarios saestuna teu ngedalkeun pabeungbeuratan ka nu lian.
Asa karaos abdi kahuruan hate tapi disagigireun eta abdi oge nyalira nu mareumannana.
Ukur Allah nu terang..

No comments:

Post a Comment

Gunakan bahasa yang sopan