17 April 2012

Balebat Katresna

Kanggo nu dipika nyaah nu kumelendang dina panyawangan. Enjing ieu hujan turun nyarengan raos nu biasa kakedal hampir tiap waktos, katugenahan hate nu ngantos anjeun sumping nyarengan titian mangsa nu hoyong kapilakon sasarengan. Ayeuna hiji dinten antara ratusan dinten nu tos kalangkung abdi ngaharep hoyong pisan hiji waktos abdi tiasa papendak sareng salira, abdi tiasa emut sinareng kabagjaan nu janten doa utama nu didugikeun ka nu maha kawasa. Ayeuna abdi teu terang anjeun aya dimana, nami anjeun saha sareng anjeun nuju naon, tapi didieu abdi teras miraos anjeun aya sareng hiji waktos insya Allah urang ditepangkeun. Teu kendat tiap waktos abdi ngintun pangharepan kanggo kabagjaan anjeun diditu, saupami nuju sakola abdi miharep sing tiasa nuntut elmu nu sae kanggo ngiring masa depan nu sukses, saupami nuju damel abdi hoyong anjeun tiasa ulet, jujur sareng kekengingan nu dipigaduh disorang tina rizki nu halal sareng digunakeun kanggo nu halal oge. Nu utami pisan abdi hoyong anjeun tong hilap ka sepuh sareng kulawargi nu pohara ngabagjakeun anjeun kapungkur sareng insya Allah pageto. Abdi didieu nuju nyobi janten pameget nu sae, tiasa mayunan kahirupan nu abdi pimpin ayeuna, kulawargi, diri nyalira sareng insya Allah kapayunna tiasa janten bagian hirup anjeun nu mantun kana kasaean dunya sareng akherat. Abdi leres-leres ngantos anjeun, deudeuh, nyaah, sono nu ayeuna diraos eta keur anjeun. Bagja saupami abdi tiasa papendak anjeun ayeuna...

No comments:

Post a Comment

Gunakan bahasa yang sopan