14 September 2012

Asa Hoyong Ceurik

Titi mangsa ngalengkahan dinten ka dinten, tata basa nyangcang suanten ka suanten. Hade kamari awon ayeuna, karaos endah mangsa kapengker karaos tunggara nu kapilakon ayeuna. Pangemut diri burancah mecahkeun nu kungsi jadi impenan teu laksana. Henteu ukur nu kapiasih teu patali nanging oge nu lami janten harepan tacan kacumpon.
Hiji dinten ngaraos asa bagja pisan jadi diri nyalira, taya cawadeunnana jadi pameget nu teu pernah ngancik di lingkungan nu awon, nu netelakeun sikep sareng tingkah laku nu kapigaduh ayeuna insya Allah seueur saena. Nanging teu sadaya dinten nu karaos mernah dina manah, hiji dinten asa tunggara taya padanna. Hate asa nalangsa sok komo mun inget ka diri nu masih nyorangan pon kitu deui upami inget ka kamampuan nyalira.
Siga ayeuna, aya sababaraha katugenahan nu karaos pisan asa hoyong ceurik.

No comments:

Post a Comment

Gunakan bahasa yang sopan