24 December 2012

Mun Teu Kasep Kumaha ?

Sanes ngarendahkeun diri nyalira kedal nu sering ka carios payuneun kaca. Hiji waktos leres abdi katawis kasep, bodas, henteu jerawatan, mun emut meni ngagelenyu tina biwir nu ipis. Emh... Sok mikir ku kacipta bungah nya, mun wanoja nu ngagaduhan abdi. Geus mah kasep, jangkung, henteu ngaroko jeung nginum alkohol, teu pernah oge kulem sareng wanoja mana oge, ah eta upami disebat mah jajaka tingting.. Wkwkwk. Disagigireun eta abdi henteu pernah hoyong nganyenyeri saha oge, justru hoyong pisan ngamumule nu jentre aya na hate nu dipika cinta nu dipikanyaah. Ngan ayeuna ukur nu aya di bumi sareng rerencangan bae nu aya di gigireun dinten-dinten abdi, nu hoyong pisan kapendak na numawi teu acan waktosna diparengkeun ngarencangan abdi ayeuna.
Nanging hiji waktos abdi ngaraos tugenah ningali ka diri nyalira na kaca saupami waktos ngalangkung lami sementawis nu dipika sono can patepang..
Aya gerentes abdi henteu kasep deui, pipi cekung, bu\'uk huisan, kulit rada ulur jeung awak janten kuru. Ceuk nu henteu mikir panjang mah abdi moal payu deui ka awewe.
Henteu mungkir pangemut eta ngarakacak mupulan kandahan cipta nu aya dina panyawangan. Kumaha upami enya abdi kitu ? Ku asa moal bungah rasa nyandingkeun abdi di gigireunnana, komo mun manehna geulis kawanti-wanti, endah ka teuteup, bungah ka sawang. Emh... Tugenah gusti.

Panutan..
Kahoyong mah abdi dongkap ka bumi anjeun maheutkeun asih ku tali rabi nu endah jeung merenah.. Ayeuna.
Nanging abdi teu terang anjeun dimana panutan. . . .
Can aya laratan..
Can aya nu ka tawis..
Nu paling nalangsa ayeuna, waragad ge teu acan aya. Padahal abdi tos damel, mung teu acan ngumpul-ngumpul geuning.

Panutan..
Upami kedah urang ngantos waktos keur ngahiji. Teras abdi henteu deui kasep atanapi teu kasep ku paningali anjeun, wayahna nya. Abdi moal udar niat, abdi moal udar iman.. Insya Allah, lunturna endah raga abdi kairing ku nambihna kasaean jiwa abdi.

Ayeuna, urang ngado\'a pamugi urang tiasa tepang jadi kulawargi sa enggalna.. Mumpung abdi masih kasep :D . Mumpung anjeun masih geulis. Insya Allah.. Amiin

No comments:

Post a Comment

Gunakan bahasa yang sopan