12 December 2012

Tawis Kadeudeuh

Enjing nu kapigandrung ku kasono. Nembean paningali batin nyawang ka nu anggang.. Kedal hate jentre miharep tepang sareng anjeun panutan nu teuing dimana ayana ayeuna. Sanaos teu acan ka gambar raray, ka sidik dedeg, ka dangu carios na abdi moal bosen ngantos anjeun ku doa sinareng ikhtiar. Pamugi dinten ka dinten anjeun tiasa ngaraos bagja.
Insya Allah urang patepang di waktos nu sae kanggo maheutkeun tali asih pikeun salamina. Atos-atos di ditu nya panutan.. Jagi sikap, carios sareng kahormatan.. Pasrahkeun ka Allah sadaya nu anjeun impenkeun, upami sae insya Allah doa abdi ngarencangan pikeun kacumpon keur kahirupan anjeun sareng abdi.
Amiin...

No comments:

Post a Comment

Gunakan bahasa yang sopan