19 May 2012

Pipireun Pangharepan

Wengi ieu pohara abdi ngeunteung ka raga nyalira, gerentes hate cumarios bangun pinuh ku rasa sono sareng tunggara. Ningal awak sakujur estu siga henteu daya, padahal panangan sareng sampean pasti moal linu ku ancag-incig. Panon sareng cepil asa ti'is tempoeun jeung dangueun.. Padahal moal luput dangueun saupami aya harewos carios gigireun. Kapikir sareng karaos gerentes hate saupamina abdi siga nukangan kaendahan. Seueur tipayun tos kapedar mangpirang harepan nu saestuning hoyong pisan kacumpon ku kanyataanana. Paling henteu bagja nu dipika harep kalaksana sanaos dina wangun anu benten. Pohara bagja saupami ti saprak kecap pangharepan tiasa lumangsung enggal kacipta.
Panghapunten saupami manah tetela metakeun hiji carios nu katingal ku buktos lumangsungna kasabaran karaos leuwih lami kawujudna.. Abdi teu kumawasa ka nu naon nu diatur ku nu maha kawasa, abdi ukur miharep tata-titi tingkah paripolah nu lawas sareng nu pageto tiasa diridhoan ku gusti. Gerentes hate kawengkung ku sono pinanggih kabagjaan,.

No comments:

Post a Comment

Gunakan bahasa yang sopan