16 July 2012

Pangharepan Sasarengan

Wanci enjing nu nembe pisan dongkap ngiring carios nu kaguar ti sanubari ka ieu kaca.
Sakalangkung pinanggih pangemut sim abdi nu salami ieu gering nangtung ngalanglayung ku pangharepan pendak sareng pirencangeun hirup. Kungsi sajorelat abdi ngemut ka diri nyalira nu pohara hoyong diparengkeun pendak sareng nu mernah kana manah, tapi salami ayeuna estu henteu katingal diri nyalira nu panginten teu sae saestuna. Abdi rumaos gaduh kakirang nu nyata katingal dina pangabisa kitu oge nu kasidem di lebet jiwa. Saupami abdi terang nu dipika hoyong teh henteu dipigaduh panginten ngeclak deui ieu cisoca teh. Bingah nu teu aya hingga ayena abdi tiasa ngalungsurkeun cariosan hate nu jero kanggo kasaean abdi sareng kahirupan tipayun. Pamugi nu janten cita na aya di diri abdi sinareng nu janten harepan abdi aya di diri anjeunna. Amiin..

No comments:

Post a Comment

Gunakan bahasa yang sopan