Satingalian endah kacipta kahirupan nu kawangun ajeg ku patali pasini jangji sa\'ati ngambah lengkah rupa polah karagap keukeup sapanujuan tinemu kabagjaan dunya sinareng aherat sasarengan.
Dedeg diri ngalantung pinuh tagiwur burancah patulayah di jero pamikir. Kawit isuk buta tenjo, siang mentrang-mentring sampe ka wanci janari teu aya waktos nu meugatkeun tetempoan batin ku pamaksadan endah nu ngeusian harepan hirup mangsa pageto.
Luhur manuk nu hiber ngawang-ngawang asa ku bingah katingali bebas estu taya panghalang. Ngaleor oray mapayan galengan, nyebrang wahangan, nanjak mudun nyelap kana batu muringkel na dahan asa taya pisan sesahna. Jog ka balong katingal lauk teuleum ka dasar leutak ngacleng ka luar cai asup deui kokojayan ku bangun kacipta gampileun pisan.
Raos tuang raos kulem kapigaduh kanyaah nu dibales kanyaah. Midang sono katembung teuteup. Nyandang poho teu burung ngantep.
Satekah polah endah kalimah diluhur katingali ku dua panon kadangu ku dua cepil ka raos reu\'eus kana hate. Ngusahakeun sangkan pareng kapianjang, kapiwangun, kapimilik ku kaendahan pinuh kabagjaan diri jeung hate nu hoyong lumangsung raket sareng rencang hirup nu mugia tos disayogikeun ku nu maha kawasa, digampilkeun tina tiap titian ujian sareng kasabaran nu tos dilakonan salami ieu. Sono sanes sakolebat hate, estu siga mupuk katugenahan nu sok kodal ku ngeclak harepan.
Mugia ayeuna abdi nuju nuntut elmu keur mangsa pageto nu hoyong kacumpon ku hade basa, hade lampah, hade pergaulan, hade kulawargi tur hade dunya jeung hade pikeun akherat.
Amiin..
25 August 2012
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment
Gunakan bahasa yang sopan