Neuteup seukeut tebih ka ujung paningalian. Ngampar hejo pare nu mimiti sirung ka oyag ku hiliwirna angin. Caket ti gigireunnana ngadeg sagomplokan tangkal gede nu ngajanteng rapih ngeusian kebon nu teuing nepi ka mana ujungna. Wa\'as taya hinggana panon ieu tiasa ningal ka tungtung tingali. Ras ka diri nu masih kacangcang hawatos nu kacipta tina seueurna karereged nu ngeusian poe ka poe. Emutan kumalayang teuing kamana, sakapeung balik deui mantun carios netelakeun abdi jalmi nu teu gaduh katiasa. Hiber deui emutan ka nu sejen tempat ngan balik sami mantun katugenahan hate, hiriwing carios anjeun teh tos dewasa, bade kumaha kapayunna lamun masih anteng cicing teu tiasa usik malik... pan anjeun gaduh pamaksadan, pohara nalangsa saupami harepan ngan saukur harepan.
Ngarenghap jero pisan ti saprak lamunan hiji pindah ka lamunan sejenna. Kungsi ngumbar cisoca nu maseuhan hate. Abdi gaduh seueur kawajiban nu kedah direngsekeun nyalira, aya nu gampil aya oge nu karaos abot. Kaemut mun saupamina abdi cicing taya tangan pangawasa, mereun moal rengse eta masalah nu gampil ge. Eta pisan nu saleresna ngancik sanaos teu unggal waktos. Kahoyong janten jalmi nu sae, nanging saupami nyalira mah asa ku henteu bakal kacumpon. Hoyong abdi disarengkeun sareng panuntun kasaean, nu hade dunya sareng kanggo akherat. Iraha, saha sareng dimana ? Wallahu a\'lam
13 August 2012
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment
Gunakan bahasa yang sopan